Archive for the ‘Panglaman’ Category

Teu Aya Judulan

September 16, 2007

Bogor, 23 Juni 2007, tabuh 05.00 rebun-rebun

Munggaran ngaluarkeun pamanggih pribadi ku tulisan dina Basa Sunda

Papatah utamana keur diri sorangan

 

 

Dina Filsafat sadaya tiasa di bahas, kalebet dzat sareng wujud Allah. Hal éta dimaksudkeun pikeun ngajawab patarosan nu sumping ti luar Islam.

Utamina kaum Yahudi, anu cenah can anggeus nanya mun urang can kadeseh.

Kaum Orientalis, anu cenah ngayakeun panalungtikan, diajar agama jeung budaya urang, nu ahirna pikeun ngaruntuhkeun urang.

Sareng kaum nu séjénna , nu sabangsa jeung maranéhna, nu cenah can cicing mun urang can lebet kana golonganana

 

Jawaban pikeun maranéhna téh kudu logis, asup akal, katarima ku akal sehat, mun bisa mah ilmiah.

Alesan Agama teu tiasa lebet, anu nanyana ogé di luar Islam! Kadangkala mah agamana ateis

Dalah kumaha gé moal nyambung!

 

Kumaha pami anu ngajengkeunana ngagem agama Islam?

Waleranana gampil nyaéta ku alesan agama, dumasar kana Al-Qur’an, Sunnah, sareng katerangan nu sanésna, anu ngadukung kana patarosan éta.

Jawaban anu merenah, ditambih kaimanan anu kiat, tangtos tiasa nyugemakeun anu naros. Langkung-langkung ditambih kahartos ku akal pikiranana.

 

Patarosan anu diajengkeun ku Kang Tédi kumaha?

 

“Awalna ieu paguneman nyaeta tina patarosan Kang Teddy Sur, anu naroskeun ngeunaan Baitullah anu saumpana dihartoskeun sacara harfiah mah nyaeta: Imah Alloh. Sedengkeun Baitullah teh keur patokan urang Sholat. Anu jadi pataraosan, naha disebut Imah Alloh, sedengkeun dina Baitulloh teh justru eusina Batu Hajar Aswad. Mun kitu mah sarua jeung nyembah kana Batu… Kitu awalna mah …”

(ndeoll@yahoo.com; urangsunda@yahoogroups.com: Sabtu, 23 Juni 2007; jam 11:18)

 

Di dunia filsafat mah kalebet patarosan anu umum, biasa, teu sabaraha dibandingkeun sareng patarosan:
Saleresna kumaha dzat Allah anu ku urang disembah téh?

Kumaha wujud Allah anu ku urang di pusti-pusti téh?

Ceuk filosof, teu nanaon patarosan nu kitu diajengkeun.

Supaya anu dilakonan ku urang téh jelas maksud jeung tujuanana. Padamelan anu teu jelas maksud jeung tujuanana mah tong dipidamel.

Asup akal pan? Logis pan? Kaharti ku akal séhat pan?

 

Jadi lamun urang teu apal kana dzat sareng wujud, rék nanahaonan nyembah Alloh?

Derrrr weh urang Islam anu aqidahna kirang, teu salolat nepikeun ka aya nu ka luar ti Islam, murtad. Jalma-jalma di luar Islam anu geus mimiti interés ka Islam ku alatan pasualan éta jadi malundur. Kusabab teu dibahas téa.

Ceuk filosof mah éta hiji karugian dina rékrutmen umat. Mantak gé sok bahas sagala pasualan sangkan kaharti ku akal.

 

Saur sabagian agamawan, Derrrr langsung dijawab…….. murtad tah nu nanya téh. Geus antepkeun we si ontohod kos kitu mah tong dipaliré. Percuma ngajelaskeun ka manéhna mah moal bisa ngarti. Teu meunang hidayah, peun teu aya terusanana.

 

Antukna nu tadina ngagem agama Islam téh, pindah ngagem agama séjén, malahan teu boga agama. Da éta disebut murtad téa ku dulurna sorangan. Anu di luar agama Islam cacarita taaaahhhh…… tempo urang Islam kakara dibéré pasualan kitu ogé geus teu bisa ngajawab, cingcirining kakuranganana. Atuuuuhhhh ngarémbét kana pasualan nu séjén, tepi ka étos kerja sagala rupa di bahas ditempo tina kayakinan nu diagem, antukna agama anu disalahkeun.

Ceuk filosof, sakali deui… hiji karugian dina mertahankeun umat. Mantak gé sok bahas sagala pasualan sangkan kaharti ku akal.

Saur sabagian agamawan, tetep…. Murtad, jalma nu teu meunang hidayah. Peun teu aya terusanana

 

Saur sabagian kelompok nu sanes, aya hal-hal anu kedah diperhatoskeun nalika urang ngawaler patarosan nu di luhur:

  1. Sok taros ku andika saha nu ngajengkeun pasualan éta?

1) Yuswana sabaraha

2) Atikanana ti mana?

3) Naha ngagem Islam atanapi henteu?

  1. Naon pangna anjeuna naroskeun perkara éta?

1) Naha pikeun nguji?

2) Naha pikeun ngandelkeun kaimanana?

3) Naha dirina aya dina kaayaan imanna nu keur turun?

4) Naha dina raraga milari hiji agama pikeun diagem ku anjeuna?

 

Taaahhhhh pami dua patarosan nu aya anakan, kajawab. Prak walon ku andika nu rumaos kebek ku élmu pangaweruh ngeunaan pasualan éta kalayan merenah, basa nu saé, sangkan nu naros teu kasigeung dumasar kana tatapakan nu tiasa dipertanggungjawabkeun.

 

Pami nu ngajengkeun pasualan éta ngagem agama Islam, waleran téh langsung dumasar kana Al-Qur’an sareng As-Sunnah (margi éta nu janten tatapakan urang). Ĕta mah ujian pikeun urang. Buktoskeun yén kaimanan langkung utami batan nu sanés, langkung-langkung pami nu naros téh pimitohaeun. Jawab, sangkan kaimanan nu ngajengkeun éta pasualan janten langkung kandel, ulah dugi ka turun langkung jero. Komoooo dugi ka ngantunkeun kayakinan, margi éta téh kalebet tanggel waler urang salaku dulurna. Nunjukkeun ka jalan anu lempeng.

 

Ayeuna pami nu ngajengkeun pasualan éta di luar Islam, waler dumasar kana Al-Qur’an sareng As-Sunnah. Teu sawios pami anjeuna teu ngartoseun ogé. Ĕta téh tiasa nunjukkeun kadar kaimanan urang. Kakuatan agama urang dina medar pasualan éta. Atuh mamanawian tiasa janten hidayah pikeun anjeuna. Pilari sumber anu tiasa ngarojong kana jawaban pasualan éta, nu kinten-kinten logis. Margi ti dinya agama urang keur diuji ku aranjeunanana.

 

Batesan patarosan nu sumping. Margi pami teterasan ulah-ulah kalebet golongan Islam anu tisolédat kayakinan, Yahudi atanapi Orientalis.

 

Leres henteuna agama teu kedah diuji ku manusa. Aya henteuna manusa nu ngagem, agama Islam tetep aya moal tilem. Tapi buktosna, di alam tempat kumelendang manusa, nu di paparin akal pikiran ku Alloh, sagala rupi tiasa naék ka permukaan. Ĕta téh ujian. Urang salaku umatNa gaduh tanggel waler dina raraga mertahankeun kayakinan urang, sangkan lolos tina ujian anu sumping. Kumaha carana? Urang gaduh tarékah séwang-séwangan luyu jeung alam pikiran urang. Hiji anu pasti, sadaya anu dipilampah ku urang kanggo ngagungkeun Asmana Alloh, Insya Alloh.

 

Pribados yakin Kang Tédi yuswa tos cekap. Atikanana? Yakinlah luhung! Tinangtos ngagem agama Islam. Ĕta pikeun ngajawab patarosan kahiji. Patarosan kadua? Teu kedah diwalon, cekap ku patarosan kahiji ogé. Pribados teu kumawantun ngiring mairan éta pasualan margi élmu pangaweruh anu teu acan dugi ka dinya. Tapi panginten aya konci kanggo ngawaler patarosan éta:

  1. Pilari dina Al-Qur’an sareng As-Sunnah, pami teu lepat parantos aya nu ngaguar

“Leres kang, tina terjemahan bahasa Indonesia,
cobi we tengetan nu dihandap ieu :

Al-Baqarah: 125.Dan (ingatlah), ketika Kami menjadikan rumah itu (Baitullah) tempat berkumpul bagi manusia dan tempat yang aman. Dan jadikanlah sebagian maqam Ibrahim tempat shalat. Dan telah Kami perintahkan kepada Ibrahim dan Ismail:”Bersihkanla h rumah-ku untuk orang-orang yang thawaf, yang i’tikaf, yang ruku’, dan yang sujud.

Al-Baqarah: 127.Dan (ingatlah), ketika Ibrahim meninggikan (membina) dasar-dasar Baitullah beserta Ismail (seraya berdo’a):”Ya Tuhan kami terimalah daripada kami (amalan kami), sesungguhnya Engkaulah Yang Maha Mendengar lagi Maha Mengetahui.

quran.noble: Quran:2.Al-Baqarah: 158.Sesungguhnya Shafaa dan Marwa adalah sebagian dari syi’ar Allah. Maka barang siapa yang beribadah haji ke Baitullah atau ber’umrah, maka tidak ada dosa baginya mengerjakan sa’i di antara keduanya. Dan barang siapa yang mengerjakan suatu kebajikan dengan kerelaan hati, maka sesungguhnya Allah Maha mensyukuri kebaikan lagi Maha Mengetahui.

Al-‘Imran: 96.Sesungguhnya rumah yang mula-mula dibangun untuk (tempat beribadah) manusia, ialah Baitullah yang di Bakkah (Mekah) yang diberkahi dan menjadi petunjuk bagi semua manusia.

Al-‘Imran: 97.Padanya terdapat tanda-tanda yang nyata, (diantaranya) maqam Ibrahim; barangsiapa memasukinya (Baitullah itu) menjadi amanlah dia; mengerjakan haji adalah kewajiban manusia terhadap Allah, yaitu (bagi) orang yang sanggup mengadakan perjalanan ke Baitullah; Barangsiapa mengingkari (kewajiban haji), maka sesungguhnya Allah Maha Kaya (tidak memerlukan sesuatu) dari semesta alam.

-dul-

(ndoell@yahoo.com; urangsunda@yahoogroups.com; Selasa, 5 Juni 2007, jam 06.01).

Manawi kersa (mung nambihan katerangan) muka Tafsir Al-Maraghi buku ka-1 (Tarjamahan)

kaca 370 – 383; buku ka-2 kaca 44 – 49 (punten pami parantos uninga)

  1. Pilari hartos Baitullah tina palanggéran Bahasa Arab, sanaos teu acan teleb nu ieu ogé parantos aya nu ngaguar

“Panasaran, pribados milarian kecap Baitullah dina Al Quran, weleh teu mendakan, aya oge baita, baiti, baitin. Cik manawi aya baraya Kusnet nu tiasa mendakan?

Kecap Baitullah ayana mung dina tafsir bahasa Indonesia, kuring yakin penterjemah nganggo kecap Baitullah keur ngabedakeun kecap baita, baiti atawa baitin (maksudna Kabah) jeung imah biasa, jeung masjid biasa. Mun diterjemahkeun Imah wungkul bisi pahili jeung imah biasa. Kunaon teu diterjemahkeun „Kabah“? sabab dina Al Qurana oge lain „Kanah“ sok sanajan nu dimaksid Kabah.

Mun disusud tina basa arabna (baita, baiti atawa baitin), jelasa lain hartina bumi nu dilebetna aya Wujud Allah nu ayana ngan dijero ieu kabah wungkul, lain, lain kitu. Da Wujud Allah mah aya dimana wae. Baitullah maksudna imah atawa tempat manusa (muslimin musilamat) nu aman kanggo ibadah, thawaf, ruku, sujud, shalat, nyaeta Kabah tea.“

Kang Santosa

(triassantosa@yahoo.com; urangsunda@yahoogroups.com; Selasa, 5 Juni 2007, jam 05:36)

Ieu mah teu tiasa masihan referensi margi kedah ku ahli bahasa, pribados mah bororaah basa deungeun basa nyalira ogé masih rumpu-rampa, hapunten.

 

  1. Pilari ahli anu tiasa ngaguar pasualan ieu dumasar kana pikiran anu logis téa

(punten ieu ogé teu tiasa masihan referensi, langkung-langkung ngajengkeun pamendak nu asalna tina pikiran nyalira)

 

Taaahhhh kitu anu aya dina pikiran sim kuring nu buta tulang buta daging, tapi teu aya pangabisa, nu ngan ukur bisa mulungan ti batur.

Tulisan, anu kénging ilham tina patarosan Kang Tédi sareng waleran ti Kang Ndoel ieu, Duka teuing maksudna naon? Moal ari mamatahan hiber ka manuk, atanapi mamatahan ngojay ka meri mah. Nu pasti pikeun mamatahan diri sorangan.

Duka teuing badé dikintunkeun ka saha? Pasti moal ka sakumna jalma, margi kedah dipilah-pilah, ka nu teu bisa maca mah moal dikintun.

Engkéna janten kumaha ieu tulisan? Nya kumaha engké wé……………….

Engkéna bakal kumaha nu maca ieu tulisan? Éta gé kumaha engké………………

Leres henteuna ieu tulisan mangga diparios ku nu kersa maos. Pami aya nu badé didugikeun mangga ajengkeun ka pribados, ulah ka nu sanés bilih teu dipaliré, di herni50@yahoo.co.id , Insya Allah dijantenkeun kasaéan.

 

Caaaaaaaggggg capé geuning ayeuna mah nyerat sakieu ogé

Hapunten anu kasuhun ka sadaya anu maos ieu kereteg.

Nu saé mangga anggé.

Nu awon tong di simpen di pawon

langkung saé piceun,

duruk dina wadah runtah.

Wassalam

Herni2ngsih

 

*Asyhadu Alla Illaha Illallah wa Asyhadu anna Muhammadar Rasulullah

Mugia Allah maparin panuyun ka abdi, mahluk nu teu gaduh pangawasa dina nyorang kahirupan kamari, ayeuna sareng nu bakal sumping, Amiin.

Iklan